wasta teh lemesna tina? pliss jawab
Pertanyaan
pliss jawab
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Wasta teh lemesna tina ngaran. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah istilahna nyaeta Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung raga basa loma. Kecap wasta kaasup kana ragam basa hormat / lemes. Sedengkeun kecap ngaran kaasup kana ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Pembahasan
Kecap wasta teh kaasup kana basa lemes keur ka sorangan. Sedengkeun sasaruaan tina kecap wasta dina basa lemes keur ka batur nyaeta jenengan. Kecap ngaran nyaeta sasaruan tina kecap wasta dina ragam basa loma. Sasaruan kecap wasta dina basa lemes keur ka sorangan nyaeta nami. Di handap ieu nyaeta conto kalimah nu ngagunakeun kecap wasta, jenengan jeung ngaran:
- Wasta abdi Budi, atawa Nami abdi Budi
- Dupi jenengan bapa saha?
- Ngaran kuring Andi
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Wasta teh lemesna tina