Masarakat Jawa Barat teu bisa jauh tina budaya awi, naha?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Masarakat Jawa Barat teu bisa jauh tina budaya awi sabab di daerah Jawa Barat loba barang barang anu bahan dasarna tina awi anu geus biasa digunakeun dina kahirupan sapopoe, ti mimiti pakakas di imah saperti boboko, wangunan imah, furnitur saperti korsi, alat kasenian saperti angklung jeung calung, malahan nepi ka bahan dasar pikeun pasakan nyaeta iwung, alat transportas nyaeta rakit jeung baheula mah pikeun pakarang anu disebut bambu runcing.
Pembahasan
Di daerah Jawa Barat loba barang barang anu bahan dasarna tina awi sabab tangkal awi bisa tumuwuh sacara subur di daerah Jawa Barat. Tapi, kiwari geus aya kahawatiran ti pamarentah Jawa Barat, sabab dumasar kana data nu aya kadieunakeun tangkal awi di daeraj Jawa Barat beuki langka. Kukituna pamarentah Jawa Barat ngusahakeun sangkan tangkal awi di Jawa Barat henteu ngurangan. Kiwari tina 56 jenis tangkal awi nu aya di Jawa Barat tinggal 36 jenis.
Pelajari lebih lanjut
- Budaya masarakat Jawa Barat https://brainly.co.id/tugas/12561177
- Ngariksa Tanah Sunda https://brainly.co.id/tugas/12469466
- Naon sababna budaya Sunda kudu dipiara https://brainly.co.id/tugas/13930514
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Pedaran Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 11.13.6
Kata Kunci : Budaya awi